Headlines News :
Home » » Pepeling Jalan Pituduh

Pepeling Jalan Pituduh

Written By Unknown on Thursday, December 6, 2012 | 7:07 AM





PEPELING JALAN PITUDUH
Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli

Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling

Pepeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih

Repeh rapih nu salembur
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Pageuh pakuat-pakait
Ulah ingkah bali-lahan
Anrubna ngajadi hiji

Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Neneda ka Maha Suci

Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
gaduh maksad bade nyanggakeun pun anak
dina kayaan sakitu ayana ...
kirang sareng langkungna sadaya-daya
sakitu buktosna ...
mugi katampi ...

*** 

·         Gabung belajar nulis bersama secara on line di  groups/hobibacanulisgambar.HBNG
·         Halaman fanspage facebook: HOBI BACA NULIS GAMBAR (HBNG)
·         Belum ad admin? Ya ad dulu ya  Maria ana.
·         Belum ad? Ya ad dululah http://www.facebook.com/ari.hidayat.
hobibacanulisgambar.wordpress.com/
 info Amazon.com. Klik, Shop Amazon Computers – New Laptop


Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

Bismillahirahmanirahim

Powered by Blogger.
 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Hobi Baca Nulis Gambar - All Rights Reserved